pasal rukun iman ( safinah )

ari rukun iman eta aya 6
1.iman ka alloh
2.iman ka malaikat
3.iman kana kitab-kitabna
4.iman ka para rosul
5.iman kana poe qiyamat
6.iman kana papasten



ngaran malikat : jisim bangsa cahaya anu lemes , lain lalaki , lain awewe, lain wandu ,tur teu boga bapa teu boga indung , tara dahar , leeut , jaeung tara narikah .

ari jumlah malaikat loba pisan ngan nu wajib di kanyahokeun kur 10
1.jibril anu tugasna nurunkeun wahyu
2.mikail anu tugasna nurunkeun hujan /rizki
3.isrofil anu tugasna niup songsong dina poe qiyamat
4.izroil anu tugasna nyabut nyawa
5.munkar anu tugasna nanyaan di jero kubur
6.nakir anu tugasna nanyaan di jero kubur
7.rokib anu tugasna nuliskeun amal hade
8.atid anu tugasna nuliskeun amal goreng
9.malik anu tugasna ngajaga panto naraka
10.ridwan anu tugasna ngajaga panto sawarga

ari sadayana kitab nu diturunkeun ku alloh eta aya 104 kitab , ngan anu 100 sok di sebut suhuf. anu rinciana :
ka nabi syis 60 suhuf
ka nabi ibrohim 30 suhuf
ka nabi musa samemeh taoret 10 suhuf .

ari kitab rinciana
1.taoret ka nabi musa
2.jabur ka nabi daud
3.injil ka nabi isa
4.Al-qur'an ka nabi muhammad SAW

Komentar

Postingan populer dari blog ini

pasal cai saeutik jeung cai loba ( safinah )

fasal niat ( safinah )