Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2017

pasal syaratna wudhu

syarat wudhu aya 10 1. islam 2.hideng 3.bersih tina hed sareng nifas 4.bersih tina perkara anu matak nyegah tepina cai kana kulit 5. ulah aya perkara dina anggota badan aya anu matak ngarobah kana cai 6.apal kana farduna wudhu 7.ulah neqadkeun sunah kana hiji fardu tina kafarduan wudhu 8.caina kudu suci tur nyucikeun 9.kudu asup waktu pikeun jalma nu langgeung hadats 10.kudu tuluy tuluy wudhuna antara anggota wudhu pikeun jalma nu langgeung hadatsna

pasal farduna adus ( safinah )

ari farduna adus eta aya 2 1.niat 2.ngawalatraan sakabeh awak ku cai

pasal anu ngawajibkeun kana adus ( safinah )

ari anu ngawajibkeun kana adus eta aya 6 1. ngasupkeun hasafah kana farji sanajan di bungkus 2. kaluar cai mani , kujalan naon wae 3 haid . 4 sabab nifas 5 ngajuru 6 maot

pasal cai saeutik jeung cai loba ( safinah )

ari cai saeutik nyaeta cai anu kurang tina 2 kulah , maka hukumna mutanajis lamun katibaan najis ,sanajan heuteu robah rasa , rupa , sareung ambeuna . conto : cai saember katibaan najis rek garing atanapi baseuh najisna , maka eta cai jadi mutanajis hukumna , kajaba najis anu di hampura dina cai saperti bangke sato anu heunteu aya geutih ngocor dimana mana disoehkeun dina waktu hirupna saperti bangke laleur ,sireum jeung sajabana , asal ulah di alungkeun . ari ngaran cai loba nyaeta : cai dua kulah atawa leuwih loba , maka hukumna heunteu najis lamun katibaan najis , kajaba lamun robah rasana ,rupana ,jeung ambeuna , maka eta cai jadi najis hukumna . anapon ari ukuran cai loba nyaeta kurang leuwih 65 cm3

fasal niat ( safinah )

ari ngaran niat nyaeta ngamaksud hiji perkara kalawan prak migawena , ngan lamun heunteu prak dina migawena ngarana ngazam ari tempatna niat eta dina hate ari ngucapkeun niat eta hukumna sunat ari waktuna niat dina wudhu nyaeta ti mimiti ngumbah hiji juz tina raray ari ngaran tartib nyaeta miheulakeun anu tiheula mandeurikeun anu pandeuri

pasal farduna wudhu ( safinah )

ari farduna wudhu eta aya 6 1. niat 2.ngumbah raray 3.ngumbah panangan 2 sarta sikutna 4.ngumbah saeutik tina juz sirah 5.ngumbah suku 2 sarta mumuncangan 2 6.tartib

pasal syarat susuci ku batu ( safinah )

ari syarat susuci ku batu eta aya 8 : 1. batuna kudu 3 atawa hiji batu juruna 3 2. kudu bersih eta tempat najis anu di sucikeun ku batu 3.ulah kaburu garing najisna 4 ulah geus pindah eta najis tina tempatna 5. ulah kadatangan najis anu sejen kana najis anu tiheula 6.ulah ngaliwat eta najis kana bobokong jeung hasyafah si jalma 7.najisna ulah kakeunaan ku cai 8.batuna kudu anu suci

pasal cirina baleg ( safinah )

ari cirina baleg sadayana aya 3 1. sampurna umur 15 taun 2. ngimpi jima' timimiti umur 9 taun 3. hed timimiti umur 9 taun ari ciri baleg eta aya nu khusus aya anu umum tegesna aya anu pikeun awewe hungkul aya anu di awewe sareng di lalaki . nu khusus aya di awewe hungkul no ka 3 , anapon no ka 1 sareng no ka 2 eta aya di lalaki sareng di awewe . taun anu di maksud nyaeta taun secara hijriyah .

pasal rukun iman ( safinah )

ari rukun iman eta aya 6 1.iman ka alloh 2.iman ka malaikat 3.iman kana kitab-kitabna 4.iman ka para rosul 5.iman kana poe qiyamat 6.iman kana papasten ngaran malikat : jisim bangsa cahaya anu lemes , lain lalaki , lain awewe, lain wandu ,tur teu boga bapa teu boga indung , tara dahar , leeut , jaeung tara narikah . ari jumlah malaikat loba pisan ngan nu wajib di kanyahokeun kur 10 1.jibril anu tugasna nurunkeun wahyu 2.mikail anu tugasna nurunkeun hujan /rizki 3.isrofil anu tugasna niup songsong dina poe qiyamat 4.izroil anu tugasna nyabut nyawa 5.munkar anu tugasna nanyaan di jero kubur 6.nakir anu tugasna nanyaan di jero kubur 7.rokib anu tugasna nuliskeun amal hade 8.atid anu tugasna nuliskeun amal goreng 9.malik anu tugasna ngajaga panto naraka 10.ridwan anu tugasna ngajaga panto sawarga ari sadayana kitab nu diturunkeun ku alloh eta aya 104 kitab , ngan anu 100 sok di sebut suhuf. anu rinciana : ka nabi syis 60 suhuf ka nabi ibrohim 30 suhuf ka nabi mus...

pasal rukun islam ( safinah )

ari rukun islam eta aya lima 1.ngucapkeun 2kalimah syahadat 2.ngalakonan solat 3. zakat 4.puasa dina bulan rhomadhon 5.munggah haji pikeun jalma nu mampu

Hukum maca bismillah ( safinah )

hukum maca bismilah eta aya 4 1. wajib, seperti dina fatehah nalika keur solat 2.sunat, seperti dina waktu ngamimitian padamelan anu alus 3.makruh, seperti dina waktu migawe pagawean nu makruh 4.haram , saperti dina waktu migawe pagawean anu haram .