Postingan

pasal syaratna wudhu

syarat wudhu aya 10 1. islam 2.hideng 3.bersih tina hed sareng nifas 4.bersih tina perkara anu matak nyegah tepina cai kana kulit 5. ulah aya perkara dina anggota badan aya anu matak ngarobah kana cai 6.apal kana farduna wudhu 7.ulah neqadkeun sunah kana hiji fardu tina kafarduan wudhu 8.caina kudu suci tur nyucikeun 9.kudu asup waktu pikeun jalma nu langgeung hadats 10.kudu tuluy tuluy wudhuna antara anggota wudhu pikeun jalma nu langgeung hadatsna

pasal farduna adus ( safinah )

ari farduna adus eta aya 2 1.niat 2.ngawalatraan sakabeh awak ku cai

pasal anu ngawajibkeun kana adus ( safinah )

ari anu ngawajibkeun kana adus eta aya 6 1. ngasupkeun hasafah kana farji sanajan di bungkus 2. kaluar cai mani , kujalan naon wae 3 haid . 4 sabab nifas 5 ngajuru 6 maot

pasal cai saeutik jeung cai loba ( safinah )

ari cai saeutik nyaeta cai anu kurang tina 2 kulah , maka hukumna mutanajis lamun katibaan najis ,sanajan heuteu robah rasa , rupa , sareung ambeuna . conto : cai saember katibaan najis rek garing atanapi baseuh najisna , maka eta cai jadi mutanajis hukumna , kajaba najis anu di hampura dina cai saperti bangke sato anu heunteu aya geutih ngocor dimana mana disoehkeun dina waktu hirupna saperti bangke laleur ,sireum jeung sajabana , asal ulah di alungkeun . ari ngaran cai loba nyaeta : cai dua kulah atawa leuwih loba , maka hukumna heunteu najis lamun katibaan najis , kajaba lamun robah rasana ,rupana ,jeung ambeuna , maka eta cai jadi najis hukumna . anapon ari ukuran cai loba nyaeta kurang leuwih 65 cm3

fasal niat ( safinah )

ari ngaran niat nyaeta ngamaksud hiji perkara kalawan prak migawena , ngan lamun heunteu prak dina migawena ngarana ngazam ari tempatna niat eta dina hate ari ngucapkeun niat eta hukumna sunat ari waktuna niat dina wudhu nyaeta ti mimiti ngumbah hiji juz tina raray ari ngaran tartib nyaeta miheulakeun anu tiheula mandeurikeun anu pandeuri

pasal farduna wudhu ( safinah )

ari farduna wudhu eta aya 6 1. niat 2.ngumbah raray 3.ngumbah panangan 2 sarta sikutna 4.ngumbah saeutik tina juz sirah 5.ngumbah suku 2 sarta mumuncangan 2 6.tartib